Selasa, 26 April 2011

Diajar basa sunda 2

Beurang maju ka lohor
Papatong nu koneng entreup na regang
Ngageter jangjangna keur ngagupayan 
Pancen keur wasiatan


Sore mengok ka Ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
ngalayang ngawahan arek pamitan
poma tong ka jongjonan


Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem bewara baturna

Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa
Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa



sumber : bah Dadeng

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

absen smpn 2 cilengkrang

PLEASE LOGIN
Username
Password
smpn 2 cilengkrang